Kehebatan Ayah, Mengapa?
Kehebatan adalah semangat yang selalu menjadikan keseharian begitu indah. Susah, senang, tantangan, harapan, dan segala hal yang kerap menyapa kehidupan kita, adalah pemantik kita menjadi hebat.
Tulisan di blog ini merupakan catatan sehari-hari kami tentang segala hal yang berkait dengan keluarga kami. Selamat membaca, semoga bisa menemukan mutiara di dalamnya
Kamis, 01 Juli 2010
Lalakon Mudik
Binda dan Javid.
Kadang saya juga menulis dengan basa Sunda. Bahasa Ibu.
berikut adalah catatan mengenai mudik.
***
Nalika jiwa-jiwa ieu lumengis nandangan kanyeri anu teuing ku naon sababna. Mulangkeun sagala rasa ka Dzat anu Maha sagala, ngajadikeun lalakon spiritual anu pinuh makna. Sapertos naon anu diunggelkeun ku Allah dina firman-Na: ”Yeuh...jiwa-jiwa anu mutmainnah! Geura balik deui aranjeun ka Dzat anu Maha Miara tur Mulasara!” Sigana, rada kitu lalakon kuring jeung kulaarga mudik teh.
I
Tadina, niat kuring mudik teh ngan saeutik. Estu nyerahkeun ka taqdir wungkul. Naon sabab? Saperti anu geus biasa, mun urang kasebut mudik, lain ngan mawa diri jeung kulawarga wungkul, tapi anu teu eleh penting oge nyaeta mawa babawaan, kayaning oleh-oleh, jeung saeutik rejeki keur bagikeuneun.
Tah, kusabab taun ieu rejeki teu saperti anu dipiharep, estu ngan cukup jang hirup sakulawarga wungkul, mangkana rencana mudik dileutikkan niatna. Anging, mun aya kajadian luar biasa: conto ngadadak kuring meunang rejegi gede.
Tapi, kusabab sumerah kana taqdir tea, mudik anu niatna ngan saencret teh, kalah jadi. Malah leuwih luar biasa deui, nyaeta kuring mudik rada nekad: make motor! Hiji acara anu boro-boro karencanakeun, kabayangkeun oge henteu.
Poe jumaah, isuk-isuk pamajikan maksa mudik. Sok sanajan sadar yen waragad ’penunjang’na geus ipis. Utang-itung dana anu aya, keukeuh teu cukup bae.
Akhirna, mudik diputuskeun jadi. Isuk harita, teu kudu babawaan. Saaya-aya jeung bener-bener saayana. Teu leuwih; teu kurang.
Kencling indit ninggalkeun imah. Sasalaman ka tatangga anu rada heran sabab maranehna mah apalna kuring moal mudik. Karek dua puluh lengkah, Javid, budak anu kadua bari can 2 taun teh, balik kana panto pager. Digebreg-gebregkeun bari nyebut-nyebut ”motor...motor...”. Hoyong make motor cenah. Bari jejeritan. Duh...
Ninggali panon beureum bari rambisak kitu, hate leeh. Teu tega. Akhirna konci panto dibuka deui. Rap make jaket kulit anu biasa dipake mun naek motor. Lep, helm dipake. Kitu deui pamajikan. Kantong eusi baju diselapkeun di hareup. Ku bismillah, akhirna kuring ngabiur ka Banten. Peta teu kabawa; kitu deui cai, atawa kadaharan. Estu suwung. Padahal, tadi peuting teu sahur.
II
Di luhureun Nouvo Z warna beureum, tilu jiwa ngabelesat meupeuskeun langit anu beuki panas. Panon poe mimiti nyekeutkeun teureuhna, saolah-olah nguji diri anu keur konsentrasi di jalas aspal Bogor-Tangerang.
Untung, angin darehdeh. Leungeuna teu elat mepende. Nyingraikeun lalangse panas anu ngaganggu paninggali. Javid di tukang anu kaapait ku kuring jeung pamajikan, estu tibra. Diparende ku sora motor anu ngaberung melewung patarik-tarik jeung angkot, beus, katur motor sejen.
Untung, poe eta teu saperti dina berita. Anu ngagambarkeun rebuan ’pemudik’ make motor bari pinuh, teu kanyataan. Euweuh rombongan. Nu aya hiji dua pemudik anu silih geseh posisi di jalan.
Jalan anu sepi beuki nandeskeun jalan kuring sakulawarga. Parung dirarung; Tangerang diliwat. Balaraja diseak. Serang kota disebrut. Dua jam leuwih, diselang ku istirahat dua kali. Akhirna Nouvo Z anu mawa kuring kudu reureuh. Pasrah dina kawasana pangeran. Masrahkeun diri di Masjid Baros, anu warnana hejo langit.
Awak jibreg ku kesang. Tapi jiwa gumbira. Beuki deukeut jarak, siga rek tepung jeung Gusti. Dina kasadaran anu aya, kuring ibadah jum’at sakalian istirahat.
Cai anu ngocor maseuhan benget, cacap tepi kana hate. ”Duh gusti....sok sanajan ieu cai ngan maseuhan kulit jeung pori-pori....tapi karaosna saperti ngeueman diri.”
Asana, ceuk rarasaan, eta wudlu pangnikmatna anu karasa ku kuring sapanjang sok wudlu. Bayangkeun, kapanasan mang jam-jam. Terus kabaseuhan. Teu asa saperti besi dileob, tapi saperti buka magrib sanggeus kapanasan sapopoe.
III
Ba’da jum’at, kuring neruskeun perjalanan sesa. Hawa mimiti tiis. Maklum, kandaraan teu saperti di Jakarta atawa Bogor anu geus nyababkeun global warming alias pamanasan global tea. Tapi beuki lila, cuaca bet aleum. Duh, tanda naon ieu teh gusti?
Gebret hujan, kuring sempet eureun sababaraha kali. Akhirna, ku sabab hujan can katengen eureuna, kuring ngabiur terus meulah eta hujan. Memang budak jeung pamajikan kahujanan. Tapi, ceuk pamikir kuring, masih penting keneh geura anjog batan katiisan di jalan.
Akhirna, celak-celak di antara keclakna hujan kuring ampir tepi katujuan. Siga jalma anu rek balik kaasal, kacape sanggeus ampir 5 jam kuring ngaberung di luhureun motor, laas. Kaganti ku kabungah. Beuki deukeut, asa beuki eunteup kana gerbang harepan. Bungangang teu kawadahan.
Memang, Gusti anu ngaguratkeun taqdir. Kuring teu apal yen motor anu mawa kuring teh geus teu disetir deui ku leugeun kuring anu leuleus, tapi ku kersana kakawasaan Allah.
Dina motor, kuring ngabeng malikkeun diri. Masrahkeun sagala, kana kersana Gusti
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar